Blog sibuhun
Install Windows pada Asus EEE PC
Salajengna abdi nyobi midamel tutorial cara-cara install windows xp kanggo Asus EEE PC.
Katerbatasanana EEE PC salah sahijina teu ngagaduhan CD/DVD rom internal.
Janten kangge ngagentos OS Linux Xandros (os bawaanana)ku os windows xp, mesti ngangge CD/DVD rom exksternal atanapi
ngangge USB flashdisk.
Upami kagungan CD/DVD rom eksternal, Kantun nuturkeun lengkah-lengkah install sepertos nu aya dina
buku manual EEE PC.
Kanggo nu teu kagungan CD/DVD rom eksternal, tiasa ngagunakan flashdisk nu kapasitasna
minimal 1GB. Hargina taros nyalira ka toko nu ngicalna, Salian eta perlu saperangkat PC
windows kanggo ngadamel “Disket” booting tina flashdisk tadi. Sareng pastina oge CD installer windows XP na.
Lengkah-lengkahna di handap ieu :
1. Ngadamel “disket” booting.
Download tools kanggo midamel boot disk, nami tools-na physdiskwrite.exe. Mangga downloadpalih dieu
Lajeung download image file boot disk palih dieu
Ekstrak dua file hasil download tadi ka 1 direktori.
Tancepkeun flashdisk kanu komputer. Buka Start -> Control Panel -> Administrative Tools -> Computer
Management -> Disk Management.
Tinggal dina jandela katuhu handap, flashdisk nu ditancepkeun tadi ngagaduhan nomor urut disk sabaraha. Misal
Pami ka baca Disk 2. Catet atawa inget-inget nomor na. Lajeung tutup jandela computer management sareng
administrative tools.
Buka windows explorer. Buka direktori tempat nyimpen 2 file hasil ekstraksi download tadi. Drag file
WXPBOOT.IMA sareng drop kanu file physdiskwrite.exe.
bakal timbul jandela sepertos comand prompt. Ketikeun nomor disk nu tadi di buka kanu jandela disk
management (tadi dimisalkan 2), sareng tong lepat ngaleubeutkeun angka margi bisa-bisa harddisk nu
ka-format. lajeung pencet enter. Antos sababaraha detik, proses penulisan disk boot kana flashdisk dugi
rengse.
2. Format EEE PC
Saatos flashdisk boot rengse, pasang flashdisk na ka EEE PC. Hirupkeun EEE PC, waktos timbul
logo ASUS EEE PC pencet Esc. bakal timbul pilihan kanggo booting tinu harddisk atanapi USB flashdisk. Pilih
booting tinu USB flashdisk, lajeung enter. Antos dugi lebet ka A prompt ( A:\ ).
Ketik fdisk lajeung enter. Timbul jandela kanggo management harddisk. Delete sadayana partisi nu aya
dina harddisk (aya 4 partisi bawaan EEE PC). Lajeung create 1 partisi tunggal dina harddisk. Saparantos
rengse, kaluar tina fdisk. dina A prompt, ketik format C: /s lajeung enter. Antos dugi proses format
rengse. Uih deui ka A prompt, ketikkeun fdisk /mbr lajeung enter. Copy file himem.sys, config.sys, dan
smartdrv.exe ke drive C ku parentah :
copy himem.sys c:\
copy config.sys c:\
copy smartdrv.exe c:\
#catetan : satiap baris parentah di luhur di ahiran ku mencet enter.
Ti dieu EEE PC tos tiasa booting tanpa flashdisk. pareman EEE PC sareng cabut flashdisk.
3. Midamel installer Windows XP
Format flashdisk tadi ngangge PC. Copy-keun folder I386 tinu CD installer windows xp ka flashdisk.
Proses copy nyeepkeun waktos sababaraha lami. Saatos rengse, siap kanggo nginstall windows kanu
EEE PC.
4. Installing Windows
Pasang flashdisk nu di isi folder I386 tadi ke EEE PC. Hurungkeun EEE PC. Antos dugi lebeut
ka C prompt ( C:\ ). Ketik smartdrv.exe lajeung enter. Pindah ka drive dimana flasdisk nu ngamuat
folder I386. Kanggo nguningakeun nami drive, ketikkeun parentah :
dir A: ,B: ,D: ,Atanapi E: lajeung enter
pami di salah sahiji drive kabaca aya folder I386 maka drive-na nyaeta nu bersangkutan, Misalna dir D:.
Pami teu aya, gentos D ku E, parentahna sbb :
dir E: lajeung enter
Pastikeun kabaca folder I386. Biasana pami drive D teu aya, maka flashdisk kabaca sebagai drive E.
Ubah drive ka drive nu muat folder I386. Carana dina C prompt ketik D: lajeung enter atanapi E:
lajeung enter (tergantung lokasi drive nu muat folder I386).
lajeung pindah direktori ka I386 ku parentah cd I386 lajeung enter.
Ketikkeun WINNT.EXE lajeung enter. Ti dieu kantun nurutkeun lengkah-lengkah install windows
sapertos biasa, turutkeun parentah nu tampil dina layar.
Sababaraha catetan kanggo install windows di EEE PC :
a. Kapasitas Harddisk nu terbatas (cuma 2GB atanapi 4GB), dianjurkeun ngangge modifikasi
installer windows supaos janten langkung alit ukuranna. Tiasa ngagunakeun aplikasi Nlite (
www.nliteos.com ) kangge ngagunakeun modifikasi. Abdi nyobi modifikasi, hasilna cukup signifikan. File
installer Windows XP SP2 tinu samemehna 580an MB janten 200an MB. Pami install ‘normal’ harddisk
nu ka angge ku windows sekitar 1,3 GB. Ngagunakeun installer hasil modifikasi, harddisk nu ka angge
ku windows cuma sekitar 700 MB.
b. Kanggo ngamaksimalkeun ngagunakeun harddisk, nurutkeun petunjuk nu aya dina buku manual EEE PC.
c. Diperyogikeun pengetahuan bahasa inggris dina waktos install, sakedik pengetahun parentah DOS, sareng
pengalaman dina install windows, teu ka kantun bahasa sunda sa-alit-alit mah kedah tiasa oge.
d. kanggo update driver-driver nu di peryogikeun, copy driver tinu CD support nu disertakeun Asus ka lebeut
flashdisk. Update driver langsung tinu flashdisk eta.
e. Pami kagungan pertarosan dina install windows ieu, Mangga kantunkeun comment..
# important note : Use at your own risk! Penulis tidak bertanggung
jawab atas segala kerusakan yang mungkin terjadi dari penggunaan
tutorial ini.

